03 January 2014

Cara Nyieun Pahinum


Ti payun seratan ngeunaan naon ari pahinum, keur naon kagunaanana, ogé naon bahan-bahanna parantos digutrutkeun di dieu. Lajeng, kumaha cara nyieunna, tur cara ngonsumsina? Kieu pedaran Téh Ai Wawang Halimah:

Kabéh bahan diaduk dina kancah gedé nepi ka galo. Adonanna nepi ka likeut siga dodol. Tos asak, dibungkusan ku daun cau. Dibagikeun ka baraya jeung tatangga nu daratang kana hajatan. Biasana mun datang kanu hajat nurunkeun, nu diburu-buru téh nya pahinumna éta.

Pahinum ogé sok dijieun bareng jeung jajamu sambel séréh. Husus keur nu hudang ngajuru méh gancang séhat.

Narasumber: Ai Wawang Halimah

No comments: