Salah sahiji pangalaman nyata, nyaéta nu dipedar ku dr. Sam Askari Soemadipradja di grup fb Pustaka Sunda. Pangalaman ieu aya pakaitna jeung hirupna warisan gelar kaningratan di sabagian urang Sunda, sok sanajan kiwari mah geus loba turunan ningrat anu milih teu nyebut-nyebut gelar kaningratanana. Penting henteuna éta gelar keur nu nyangkingna, sigana béda-béda nu nyikepanana. Pangalaman dr. Sam di handap ieu baris jadi salah sahiji buktina.
Dr. Sam Askari Soemadipradja téh salah sahiji dokter senior nu kungsi mancén tugas di daérah pasisian, tilu puluhan taun kalarung. Harita, dr. Sam ogé ngajalankeun prakték soré, nu disebut pamariksaan ‘Askes Soré’. Tempat praktékna, nu ieu mah, di Rumah Sakit.
![]() |
Dr. Sam (nyoléndang tas) tilu puluh taun ka tukang. |
“Pa Suparman…!”
Orokaya, nu digero téh bet teu asup waé ka rohang pamariksaan. Padahal, nepi ka katilu kalina, éta pasén nu ngaran ‘Suparman’ téh dicalukanana. Puguh wéh matak hémeng. Kakara kajawab, basa perawat nu ngaréncangan dr. Sam surti kana kaayaan.
“Ih, Dok,” pokna, “bapa éta mah kedah disebat ‘raden’-na! Geura, ku Euceu urang panggil.”
Nyaan wéh, geuningan. Dadak sakala, barang digero ku ngaran ‘Radén Suparman’ mah pasén téh teu talangké asup ka rohang pamariksaan. Éta ‘Pa Radén’ téh diukna persis gigireun lawang, nunggu giliranana disebut.
(narasumber: dr. Sam/pangropéa: @yoezka)
No comments:
Post a Comment