Pahinum nyaéta kadaharan nu sok dijieun lamun aya hajat sukuran nurunkeun orok. Biasana dijieunna téh ku Ma Paraji. Mungkin waé, istilah pahinum/hajat mahinum téh béda-béda di tiap wewengkon. Di Wado, Sumedang, sok disebut ogé 'Mahinum', tina kecap 'mahi' jeung 'naum'. Hartina manjing/mahi pikeun saré bareng deui.
Bahan nyieun pahinum:
- CARIWUH. Sajenis taleus, sok aya di sirah cai. Tos beunang ngala, diberesihan. Dipotongan. Terus diseupan. Cariwuh mah sagalana bisa didahar. Boh tangkal, daun, ogé beutina.
- HUMUT. Humut kalapa. Ngalana teu meunang katingali batur. Mawana ogé kudu buni, sabab bisi budakna cawokah. Meunang nyiksikan terus diseupan.
- TERI. Digoréng terus dibebek dina pané, nepi ka lemes.
- KAKACANGAN. Suuk, roay, jaat, kacang beureum. Diseupan/dikulub nepi ka hipu.
- PEUNDEUY. Siki peundeuy disangray, terus dibebek.
- BUMBU. Bumbu sakumplitna. Sakur bumbu kabéh teu aya nu kaliwat.
- Siksik kalapa ngora.
- Daging domba/sapi. Daging dikulub nepi ka empuk. Potongan laleutik.
Kumaha cara nyieunna? Baris dipedar di seratan salajengna di dieu.
Narasumber: Ai Wawang Halimah
No comments:
Post a Comment