14 December 2013

Panén Turiang


Ti saprak usum panén dua bulan nu kaliwat, sawah-sawah di salasahiji wewengkon Panjalu kalér, Kabupatén Ciamis, tacan diparolah deui. Sababna mah basa panén téh maju ka usum halodo. Sedengkeun pasawahan nu sakitu mayakpakna ukur ngandelkeun cai guludug alias tadah hujan. Euweuh fasilitas irigasi. Lamun mangsa katiga, nu baroga sawah tara bisa molah melak paré. Ku kituna, sanggeus réngsé usum panén kamari, sawah diarantepkeun. Teu diropéa. Loba nu ngadon ngarit jaramina pikeun parab sapi.

Tétéla, ngijih leuwih téréh datangna. Dapuran paré nu teu kaganggu ku nu ngarit keur parab sapi (biasana mah nu di sisi jalan nu sok diararit téh), baruahan deui. Baleuneur. Ngan tangtu baé kualitas jeung lobana teu siga nu dipelak ngahaja. Paré nu jadi ngadua kalian disebutna turiang. Numutkeun kamus basa sunda RA. Danadibrata, turiang téh nyaéta paré nu jadi ngadua kalian. Sarua jeung kurindang.

Tah, ayeuna di salasahiji wewengkon Panjalu kalér jeung Sukamantri, pasawahan nu mayakpak téh keur sumedeng konéng tur bencing. Geus mimiti usum panén paré turiang, méméh sawah digarap deui. Lumayan pisan, sanajan hasilna teu nitih saparapatna-saparapatna acan tina panén biasa. Keur ngabanjel pabéasan, basana téh. Tina kotakan 75 bata hasilna kana 25 kg paré. Sigana mah bisa leuwih ti sakitu lamun dipiara sakumaha biasana, kayaning dirambétan jeung digemukan.

Hujungtiwu 171113

Kenging: Ida Nurulhuda

No comments: