07 January 2014

Sajarah Kleub Persib Bandung

Kira taun 1923, di Bandung ngadeg kleub Bandoeng Inlandsche Voetbal Bond (BIVB), minangka salasahiji organisasi perjoangan kaom nasionalis mangsa harita. Mr. Syamsudin kapeto jadi Ketua Umum BIVB, laju dituluykeun ku anakna Déwi Sartika, nyéta R. Atot nu ogé Komisaris Daérah Jawa Barat munggaran. BIVB ngamangpaatkeun Lapangan Tegallega, peuntaseun lapangan pacuan kuda. Tim BIVB remen ngalakonan tanding ka luar kota, upamana ka Yogyakarta, jeung ka Jakarta.

Tanggal 19 April 1930, BIVB bareng jeung VIJ Jakarta, SIVB (Persebaya), MIVB (PPSM Magelang), MVB (PSM Madiun), VVB (Persis Solo), PSM (PSIM Yogyakarta), milu marajian ngadegna PSSI dina gempungan nu diayakeun di Societeit Hadiprojo, Yogyakarta.

BIVB bet ngalelep, mucunghul dua kleub séjénna, Persatuan Sepakbola Indonésia Bandung (PSIB) jeung National Voetball Bond (NVB). Tanggal 14 Maret 1933, PSIB katut NVB sapuk ngahiji tur genti ngaran jadi Persib, kalawan Ketua Umum-na harita téh Anwar St. Pamoentjak. Kleub-kleub nu gabung jeung Persib, di antarana waé SIAP, Soenda, Singgalang, Diana, Matahari, OVU, RAN, HBOM, JOP, MALTA, jeung Merapi. Kompetisi perserikatan antar bond lumangsung.

Harita gé di Bandung aya kleub nu dikokojoan ku urang Belanda, nyaéta Voetbal Bond Bandung & Omstreken [VBBO]. Ka dieunakeun, kleub-kleub nu satadina gabung jeung VBBO, saperti UNI jeung Sidolig, antukna gabung jeung Persib. Lapang tempat tanding téh di Lapangan UNI, Lapangan Sidolig (ayeuna mah Stadion Persib), sarta di Lapangan Sparta (Stadion Siliwangi kiwari). Mangsa Jepang, Persib digenti jadi Rengo Tai Iku Kai. Jaman perang kamerdekaan, kompetisi maénbal eureun heula.

Taun 1948, waktu jaman NICA, Persib nguniang deui kalawan dipokalan dr. Musa, Munadi (Ketua), H. Alexa, jeung Rd. Sugeng. Periode 1953-1957, Sekretariat Persib pundah-pindah. Waktu Walikota Bandung dicekel ku R. Enoch, Sekretariat Persib téh perenahna di Ciléntah. Ku alpukahna R. Soendoro, antukna Sekretariat Persib matuh di Jalan Guramé, Bandung, tug tepi kiwari. Lian ti Stadion Siliwangi, minangka home base-na, Persib gé sok maén di Stadion Si Jalak Harupat, Soréang, Kabupatén Bandung. Ka hareupna mah nu jadi home base-na téh Stadion Gelora Bandung Lautan Api, di Gedebagé, Kota Bandung.

Préstasi Persib, mangsa perserikatan juara kahiji taun 1937, 1961, 1986, 1990, 1993/1994, tur juara Liga Indonésia taun 1994/1995. Ti mangsa ka mangsa, teu saeutik pamaén Persib nu ngabéla Timnas Indonésia. Jujuluk Persib: Maung Bandung, Pangéran Biru. Demi para bobotohna aya nu di Viking, ogé di Bomber. ***

(Yasana: Rameli Agam)

05 January 2014

Nguseup, Pangaresep ti Bubudak


Nguseup téh karesep uing ti keur leutik nepi ka kiwari. Kalangenan maneuh nu teu bisa disisilihan, teu bisa dipiceun. Kitu téa mah da puguh lembur téh kabeneran dikuriling ku walungan. Samalah kabéh dulur ogé lemburna téh teu jauh ti walungan, nya kaasup lembur indung budak. (Heuheu... lalakon panggih jeung jodo ogé apan keur nguseup pisan. Harita nguseup di walungan peuntaseun imah manéhna. Paadu teuteup, pas manéhna meuntas rék ka imahna. Antukna ngeuseup téh sok ngahajakeun palebah dinya....)

Geus arapaleun; batur salembur, batur sakantor, dalah indit ka mana waé ogé uing mah tara jauh ti jeujeur. Kungsi ngageunjleungkeun P3GK (Pusat Pengembangan Guru Kesenian Yogyakarta). Harita uing dikirim pikeun miluan workshop guru kesenian sa-Indonesia di Kaliurang. Pas keur salsé, uing ngajak babaturan ulin ka walungan, tangtuna ogé geus siap useup bawa ti Bandung.

Kaparengan, manggih walungan anu loba laukna (lauk beunteur). Halaaah, asa mobok manggih gorowong. Uing démontrasi nguseup beunteur. Kabéh babaturan olohok, teu kungsi dua jam ratusan beunteur geus asup kana kérésék. Dibawa ka asrama. Dipasakna ogé ku urang Padang. Balakécrakan. Uingah da teu pati resep. Resep sotéh nguseupna wungkul.

Saban poé minggu teu kaliwat nguseup, babaturan narurutan ngadangkal nyarieun jeujeur. Ngabring ka walungan. Tapi da teu barisaeun ieuh, beubeunanganana téh hiji banding sapuluh. Orokaya, pas keur sibuk latihan persiapan pagelaran, uing ngereles. Mangkaning uing minangka kokojona nu nyieun konsép pagelaranana. Atuh, babaturan paciweuh néangan uing ka walungan. Cénah, pupuhu P3GK rada bendu. "Jeun teuing!", cekéng. Nu penting pas pagelaran suksés. Nya alhamdulilah, suksés ogé. Tah, ti dinya meunang landian 'Si Raja Mancing' téh. Nepi ka kiwari mun pareng ka Yogya téh sok pada ngageuhgeuykeun. Hikmahna tina kajadian éta, jadi raket mikawanoh, kaasup pupuhu P3GK katut anak buahna. (Mangga dibaca ogé: Pangalaman Ahéng Nguseup di Kaliurang)

Da puguh pangaresep, taya kasieun, walungan nu kumaha ogé pasti disorang. Angot lamun mangih walungan nu jarang kasaba mah. Deuh, resep pisan. Pasti laukna weuteuh kénéh. Teu nolih kana béja, yén di antarana aya leuwi anu sanget (sangar/angker).

Suka duka geus kasorang. Pernah dipegat oray, meunang sajam mah teu daék ingkah. Pernah ogé nyorang leuwi anu gurawés. Lampingna nangtawing. Ampir teu bisa hanjat. Sajongjongan bingung hayang ceurik. Rék meuntas, puguh caina ngaguludag, kuriak palid. Ari hanjat leueur, cadas pinuh ku lukut. Untung aya akar. Nya muntang gugurawilan bari haté mah sebér. Alhamdulillah, salamet.

Aya deui kajadian nu ahéng kaalaman ku Ki Sobat. Uing mah harita téh geus naék ka darat, ari manéhna masih di leuwi. Uing melang. Nempo gunung mani poék tapi di walungan mah caang. Ti béh girang aya sora cai ngaguruh. Ki Sobat hariweusweus nyampeurkeun. Beungeutna sepa. Cénah waktu keur cinekul di leuwi dumadakan aya nu malédogan, disangkana uing. Na pas hanjat ka darat... ari segor téh cai mani ngaguludag. Caah déngdéng téa! Tayohna, nu malédog téh meureun nu ngabéjaan. Wallohu alam, teuing saha.

Béda jeung batur, uing mah resep nguseup téh di walungan. Di balong mah teu kataji. Pas liburan semester gereget hayang geura ka lembur. Da balad geus neleponan waé. Cénah, keur usum burayak, nyaéta anak lauk ukuran sajempol nepi ka dua ramoan, anu keur meujeuhna ngeunah digoreng garing.

Datang ka lembur, langsung ngajugjug Curug Agung walungan Ciasem. Hiji leuwi peperenian anu perenahna di Sagalaherang. Walungan gedé nu caina masih kénéh beresih hérang. Pas nepi ka leuwi, kasampak geus aya batur keur carinekul; aya nu dina curugan, aya nu dina birit leuwi. Uingah muru babantar, da biasana lauk téh sok resepeun ngumpul dina cai nu teu pati jero, angot burayak mah.

Rupaning eupan geus disiapkeun. Ngan, nu gampang disangut ku lauk leutik mah nyaéta 'eupan géléng' téa. Eupan meunang ngaracik; roti, suuk meunang nyangray, kéju jeung témpé. Nya nepi ka lohor ogé hasilna mucekil. Deuh, éndah, mandi di leuwi, solat dina luhur batu. Séahna sora cai, dipapaés ku sora récétna rupaning manuk. Subhanalloh....

(Yasana: Yuharno Uyuh, pangropéa: @yoezka)

03 January 2014

Pangalaman Ahéng Nguseup di Kaliurang


Pertemuan guru kasenian sa-Indonesia téh teu aya deui tempatna iwal di Yogya, da mun guru téknik mah di Bandung. Méh 2 taun sakali simuing ka Yogya téh. Perenahna di Kaliurang, rada anggang ti kota, rada nyingkur. Ieu kajadian, taun salapan tilu. Harita salila genep bulan simuing miluan Diklat Pengembangan Kompeténsi Guru Kasenian. Nya kitu téa, betah sotéh pédah aya walungan pikeun nyalurkeun pangaresep.

Ku lantaran balad diklat geus pada apal, yén uing tukang nguseup, puguh pada nganteur. Balad ti Yogya, Surabaya, nalawaran motor, cénah bisi butuh motor keur ka walungan. Da apan maranéhna mah pribumi, deukeut ka lemburna. Balageur ngayunkeun pangaresep uing.

Hiji mangsa, kabenaran manggih walungan. Panuduhan babaturan, ngaranna Kali Sembung. Ngan cénah rada angker. Nyaan, ari walunganna mah leutik, ngan barala, canéom. Barang nyorang ka hiji leuwi, halah, loba kulit oray kobra urut megar. Nyarampay dina areuy.

Rét ka leuwi caina herang, hadeuh, beunteur meni ngagimbung. Lauk téh bangun nu lapar. Beubeunangan mucekil. Sobat ti Tasik jeung ti Bali puguh hookeun. Pajar uing téh boga jampé (mantra) paragi nguseup. Uingah seuri wé, sakalian dienyakeun. Nu padahal tara maké nu karitu, najan pernah ogé aya nu méré jampé paragi nguseup, tara ieuh dipaké. Da nu penting mah asal aya laukna, jeung kumaha ngagunakeun tehnik nguseupna. Nguseup ka tempat éta téh puguh deudeuieun.

Hiji waktu mah nguseup téh tulaan jeung balad sakantor. Nu saurang mah sarua tukang nguseup. Ari nu saurang deui ngan ukur hayang apal, ari ngomongna rada sompral. Harita téh bada lohor geus nepi ka leuwi. Ngan anéh, lauk nu bisana ngagimbung téh dumadakan teu aya hiji-hiji acan. Dasar leuwi hérang, ngan tembong keusik jeung batu. Panasaran nepi ka jam 3 diadagoan. Babaturan ngecbrek waé.

"Ah manéh mah wadul! Mana lauk téh cenah loba, geuning euweuh nu nyanggut hiji-hiji acan?" pokna.

Na atuh, teu kanyahoan, aya oray ngaléor hareupeun sukuna. Torojol langgir, teuing ti mana jolna. Atuh babaturan ngadadak sepa. Tibuburanjat kabur muru asrama. Uing jeung babaturan nu saurang deui seuri wé.

Kira-kira jam opat, di leuwi aya nu kucibek. Barang dirérét, aya lauk emas sagedé pingping, rupana konéng kahéjo-héjoan. Nyampeurkeun sosoloyongan. Uing silihrérét. Binngung. Puguh kumaha nguseupanana. Apan nu dibawa téh useup beunteur, kenur leutik, jeujeur sagedé nyéré.

Nya antukna diajaran dieupanan rada gedé. Keun baé teu beunang gé, hayang apal di sanggutna. Tapi anéh, sakitu eupan diasongkeun kana sungutna, teu daékeun. Kalah gideug! Babaturan geuwat ngali cacing. Laju diasungkeun. Angger, ukur dikolomoh, diburakeun deui. Uing jeung babaturan ngahuleng. Wanci geus reup-reupan. Nya, punduk mah mimiti tingsariak. Gura-giru mulang ka asrama. Bari hariweusweus nyaritakeun kajadian di leuwi.

Teu kapok, isukna ditéang deui....

(Yasana: Yuharno Uyuh, pangropéa: @yoezka)