03 January 2014
Pangalaman Ahéng Nguseup di Kaliurang
Pertemuan guru kasenian sa-Indonesia téh teu aya deui tempatna iwal di Yogya, da mun guru téknik mah di Bandung. Méh 2 taun sakali simuing ka Yogya téh. Perenahna di Kaliurang, rada anggang ti kota, rada nyingkur. Ieu kajadian, taun salapan tilu. Harita salila genep bulan simuing miluan Diklat Pengembangan Kompeténsi Guru Kasenian. Nya kitu téa, betah sotéh pédah aya walungan pikeun nyalurkeun pangaresep.
Ku lantaran balad diklat geus pada apal, yén uing tukang nguseup, puguh pada nganteur. Balad ti Yogya, Surabaya, nalawaran motor, cénah bisi butuh motor keur ka walungan. Da apan maranéhna mah pribumi, deukeut ka lemburna. Balageur ngayunkeun pangaresep uing.
Hiji mangsa, kabenaran manggih walungan. Panuduhan babaturan, ngaranna Kali Sembung. Ngan cénah rada angker. Nyaan, ari walunganna mah leutik, ngan barala, canéom. Barang nyorang ka hiji leuwi, halah, loba kulit oray kobra urut megar. Nyarampay dina areuy.
Rét ka leuwi caina herang, hadeuh, beunteur meni ngagimbung. Lauk téh bangun nu lapar. Beubeunangan mucekil. Sobat ti Tasik jeung ti Bali puguh hookeun. Pajar uing téh boga jampé (mantra) paragi nguseup. Uingah seuri wé, sakalian dienyakeun. Nu padahal tara maké nu karitu, najan pernah ogé aya nu méré jampé paragi nguseup, tara ieuh dipaké. Da nu penting mah asal aya laukna, jeung kumaha ngagunakeun tehnik nguseupna. Nguseup ka tempat éta téh puguh deudeuieun.
Hiji waktu mah nguseup téh tulaan jeung balad sakantor. Nu saurang mah sarua tukang nguseup. Ari nu saurang deui ngan ukur hayang apal, ari ngomongna rada sompral. Harita téh bada lohor geus nepi ka leuwi. Ngan anéh, lauk nu bisana ngagimbung téh dumadakan teu aya hiji-hiji acan. Dasar leuwi hérang, ngan tembong keusik jeung batu. Panasaran nepi ka jam 3 diadagoan. Babaturan ngecbrek waé.
"Ah manéh mah wadul! Mana lauk téh cenah loba, geuning euweuh nu nyanggut hiji-hiji acan?" pokna.
Na atuh, teu kanyahoan, aya oray ngaléor hareupeun sukuna. Torojol langgir, teuing ti mana jolna. Atuh babaturan ngadadak sepa. Tibuburanjat kabur muru asrama. Uing jeung babaturan nu saurang deui seuri wé.
Kira-kira jam opat, di leuwi aya nu kucibek. Barang dirérét, aya lauk emas sagedé pingping, rupana konéng kahéjo-héjoan. Nyampeurkeun sosoloyongan. Uing silihrérét. Binngung. Puguh kumaha nguseupanana. Apan nu dibawa téh useup beunteur, kenur leutik, jeujeur sagedé nyéré.
Nya antukna diajaran dieupanan rada gedé. Keun baé teu beunang gé, hayang apal di sanggutna. Tapi anéh, sakitu eupan diasongkeun kana sungutna, teu daékeun. Kalah gideug! Babaturan geuwat ngali cacing. Laju diasungkeun. Angger, ukur dikolomoh, diburakeun deui. Uing jeung babaturan ngahuleng. Wanci geus reup-reupan. Nya, punduk mah mimiti tingsariak. Gura-giru mulang ka asrama. Bari hariweusweus nyaritakeun kajadian di leuwi.
Teu kapok, isukna ditéang deui....
(Yasana: Yuharno Uyuh, pangropéa: @yoezka)
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment