
Dina biografi, tokoh anu dilakakonkeun téh ngagunakeun sesebutan jalma katilu (manéhna atawa dia). Ari dina otobiografi, ngagunakeun sesebutan jalma kahiji (kuring, uing, déwék, atawa saya, aku). Tina anu kungsi kapanggih, biografi umumna nyaritakeun jalma nu geus euweuh. Ari dina otobiografi mah jalmana jumeneng kénéh.
Lamun rék nyindekel kana éta watesan, kuring kungsi nuliskeun duanana. Anu winangun biografi nyaéta waktu nuliskeun riwayat Pa Daeng Soetigna jeung Pa Haji Ma’soem. Ari anu winangun otobiografi nyaéta riwayat Pa Didi Kartasasmita, Pa Muchtar Affandie, Pa Mashudi, Pa Djaelani Hidajat, Pa Sobri Hardjapamekas, jeung Kang Tjetje Padmadinata. Aya anu teu réngsé, lantaran anu nyekel lalakonna kaburu ngantunkeun, nyaéta Pa H.R. Dharsono, Pa Aang Kunaefi, jeung Pa Ahmad Wiranatakusumah. Waktu kuring nulis Bimbo gé bisa jadi kaasup kana biografi, najan anu nyarekel lalakon jumeneng kénéh. Ngan waktu nuliskeun anu ieu mah anu leuwih euyeub téh prosés kréatifna.
Nuliskeun biografi karasa leuwih sulit, sabab bahan anu ditulis téh dumasar kana hasil panalungtikan. Lian ti éta, tanggung jawab perkara eusina aya di nu nulis. Béda deui jeung otobiografi, éta mah sagemblengna aya di pihak anu nyekel lalakon.
*
Anu rék didadarkeun ku kuring nyindekel kana naon-naon anu kapanggih, terus jadi cecekelan pribadi sajeroning jadi tukang nulis atawa dikéngkénan nyusun biografi jeung otobiografi. Kabéhanan ogé riwayat hirup batur, da ari pikeun nuliskeun riwayat diri sorangan mah asa teu/tacan manjing.
Kira-kira kieu salang surupna téh:
1. Eusi biografi/otobiografi téh medar lalampahan hirup hiji jalma, ngurung dina runtuyan mangsa, anu bisa jadi ukuranana puluhan taun. Naon waé anu rék didadarkeun di jerona, hal éta gumantung kana tujuan nulisna. Hiji jalma dina lalampahan hirupna geus tangtu euyeub ku rupa-rupa pangalaman—urang anggap waé hal éta téh mangrupa calecer-calecer (tonggak), anu dina waktuna ditulis jadi plot. Anu nulis biografi/otobiografi, saméméhna kudu bisa milih-milih, calecer mana waé dianggap boga “kakuatan” tepi ka jadi pangjurung enggoning nuliskeun pangalaman hirup. Lalampahan hiji jalma bisa jadi diwangun ku ratusan, atawa rébuan calecer. Tapi tacan tangtu sakabéhna bakal ngahudang minat anu ngalantarankeun éta biografi dibaca tepi ka tutug. Teu mustahil tina rébuan calecer téh anu bisa diasongkeun pikeun jadi daya tarik mah ukur pupuluhan waé, atawa boa ukur ngawelas. Nya calecer-calecer éta anu dianggap penting jeung bakal jadi “kakuatan” karya biografi/otobiografi téh. Calecer-calecer séjénna, anu tangtuna ogé leuwih loba, ukur difungsikeun jadi “samara” wungkul. Mun dina musik mah ukur jadi nada anu hawar-hawar. Bisana urang milih calecer mana waé anu bakal diakséntuasikeun téh lamun geus aya kacindekan: tokoh anu ditampilkeun téh hayang dikenang salaku naon (ingin dikenang sebagai apa).
2. Tangtungan hiji jalma tangtuna ogé boga sawatara sisi (sudut). Ieu sudut téh di antarana bisa patali jeung profési, préstasi atawa gedéna jasa (pikeun balaréa), pangalaman ahéng (spritual), rupa jeung dedeg pangadeg, kabeungharan rohani (jeung matéri), atawa kalungguhan. Lamun diriutkeun deui, dina hiji sisi téh bakal aya sajumlahing calecer—nyaéta anu kudu dipilih téa.
3. Anu nulis biografi/otobiografi kudu bisa milih sisi (mana waé) anu rek dijieun mataholang tulisan. Lamun geus jinek, nya sisi (-sisi) éta anu kudu diéksploitasi dina wangun ungkara kalimah téh, anu saterusna ngajanggélék jadi kagemblengan karya. Lamun sakabéh sisi tina pangalaman, komo lamun sakabéh calecer, ditulisna dina inténsitas anu sarua (datar), éta biografi/otobiografi téh bakal kaleungitan daya tarik, iwal lamun dibacana ukur ku anu nulisna wungkul. Keur anu séjén mah (pembaca umum) moal ngahudang minat.
4. Pangalaman anu ngurung dina hiji mangsa (moméntum) anu tumerap ka tokoh anu keur ditulis, tangtuna ogé hénteu ngan ukur nyoko sacara internal wungkul, tapi deuih éksternal. Anu dimaksud internal nyaéta naon-naon anu jadi bagian jero tina tangtungan éta tokoh. Faktor internal tangtu bakal interaksi jeung faktor éksternal, nyaéta naon-naon anu aya di sabudeureun éta tokoh. Kuatna interaksi antara faktor internal jeung éksternal bakal ngahudang plot. Nya lebah dieu kudu dadahut enya-enya matalikeun éta dua faktor téh. Gambaran faktor internal jeung éksternal téh kudu sarua kuatna. Lamun anu diéksploitasi téh ukur faktor internal wungkul, éta biografi dianggap gagal, sabab di antarana teu loba méré informasi ngeunaan sétting anu karandapan ku éta tokoh (anu dimaksud sétting di dieu bisa mangrupa lokasi nyata, gambaran atawa kahanan pajamanan dina hiji kurun waktu, peranan tokoh-tokoh séjén, atawa gabungan tina éta nu tilu). Nya kuatna interaksi ieu anu bakal jadi “kakuatan” biografi/otobiografi téh. Cindekna, anu nulis biografi/otobiografi téh ulah tonggoy bari katungkulkeun ku gambaran pribadi tokohna wungkul, tapi deuih kudu nengetan suasana di sabudeureun anu patali jeung éta tokoh waktu hiji peristiwa lumangsung.
5. Matéri biografi/otobiografi napak dina réalitas, sok sanajan tacan tangtu sagemblengna nyumponan aktualitas. Hal ieu aya kamiripan jeung karya jurnalistik. Ku sabab kitu, bisa jadi aya “hukum-hukum” atawa métodeu anu sarua dina lebah nuliskeunana. Dina jurnalistik aya adagium: semakin pendek semakin baik. Cindekna dina waktu nulis téh henteu ngahahambur ungkara kalimah (henteu ngayayay), tapi dijugjugan anu katimbang perluna waé. Matéri A anu inténsitasna 100 hég ditulis dalapan kaca, bakal leuwih alus batan anu ditulisna jadi 20 kaca bari inténsitasna angger 100.
6. Lian ti éta, biografi/otobiografi téh aya kamiripan jeung karya sastra deuih, nyaéta dina nyusun ungkara kalimahna, sangkan bisa ngahudang rasa pikeun sakur anu macana. Kawas ngapungkeun langlayangan; iraha kudu nataran, iraha kudu nyéréngkeun, iraha kudu nutugkeun, tapi sawaktu-waktu mah kudu ditarik ngagentak. Urang papandékeun waé yén éta téh irama. Tulisan tanpa irama bakal karasa monoton tur matak bosen macana. Biografi/otobiografi anu ditulis ku sastrawan bakal euyeub ku irama (henteu jagreug siga aba-aba dina upacara, basa Indonésiana tidak kering). Umumna biografi/otobiografi gagal dina lebah dieu, lantaran anu ditulis téh ukur mangrupa runtuyan fakta jeung angka, tanpa suasana atawa tanpa atmosfir. Anu kungsi kapanggih, tulisan anu kieu pandéna biasana disusun ku anu teu wawuh atawa teu biasa nulis karya sastra, upamana waé anu disusun ku ahli sajarah. Enya ari élmuna mah leubeut, tapi teu ngahudang rasa. Ana kitu, dina nuliskeun biografi/otobiografi téh kudu bari dirojong ku imajinasi deuih.
7. Lantaran biografi/otobiografi téh ngagambarkeun pangalaman dina runtuyan mangsa anu panjang, tangtu waé ukuran-ukuran (pikiran atawa inteléktualitas, tinimbangan, wawasan, suasana haté) anu dijenggléngkeun téh kudu saluyu jeung saban mangsa (periodeu umur si tokoh). Ulah nyaritakeun jaman keur sakola di SD, tapi tina sudut pikiran sanggeus jadi mahasiswa, upamana.
8. Bisa jadi aya tokoh anu pangalaman hirupna ukur ngagambarkeun hal-hal anu pikayungyuneun wungkul. Hal ieu bakal kurang daya tarikna. Ari sababna, manusa mah aya sisi alus jeung aya sisi goréng. Anu penting, kumaha bisana ngadu-maniskeun éta dua sisi, tur dibarung ku arguméntasi anu logis, tepi ka lahir hiji kasimpulan (bisa éksplisit, bisa implisit). Bawirasa, ari biografi/otobiografi téh nyaritakeun manusa tina sisi kamanusaanana. Tapi kitu sotéh mun rék sagemblengna jujur. Da buktina mah dina nuliskeun biografi/otobiografi téh sok loba anu disamunikeun—bisa jadi dumasar kana rupa-rupa pertimbangan. Teu nanaon aya anu disamunikeun ogé, bisi lamun ditembrakkeun mah bakal jadi mamala—biasana mah lantaran pakait jeung peranan tokoh séjén. Lebah dinya mah bisa dibalibirkeun atawa disamarkeun. Tapi ari dina “suasana carita” mah kudu jentré. Cindekna hukum “sabab-akibat” anu ngawangun plot téh kudu puguh arguméntasina.
9. Dina waktuna nyusun otobiografi, anu nulisna kudu bisa méré input ka anu keur dilalakonkeun. Mana komo lamun anu nyekel lalakon téh geus loba poho. Lebah dieu kudu kuat dina hal referénsi. Cindekna, kudu bisa ngingetan, bisi aya hal-hal anu teu kalamot.
10. Anu kungsi dipigawé ku kuring, husus waktu nuliskeun otobiografi, aya anu ditulis ngaguluyur (linier), tapi aya deuih anu bobok tengah. Pikeun nangtukeun hal anu kawas kitu mah gumantung kana pangabutuh jeung tujuan nulisna.
11. Karya biografi/otobiografi biasana bakal dianggap boga “wibawa” lamun bukuna kandel (ukuran kandel dieu upamana waé 200 kaca). Naha bakal dibaraca tepi ka tamat? Hal ieu bakal gumantung kana eusina (substansi lalakon jeung cara nulis atawa jenggléngan ungkara kalimah-kalimahna).
*
Kitu tah pangalaman anu karandapan téh. Nyanggakeun. Hanas aya atawa loba anu teu katimu ku batur, ah nya teu nanaon. Ari resép kuring mah dina nulis biografi/otobiogrfi téh, anu penting ngan ukur hiji: ngeunah dibacana.
(Yasana: Tatang Sumarsono.)
No comments:
Post a Comment