05 January 2014
Nguseup, Pangaresep ti Bubudak
Nguseup téh karesep uing ti keur leutik nepi ka kiwari. Kalangenan maneuh nu teu bisa disisilihan, teu bisa dipiceun. Kitu téa mah da puguh lembur téh kabeneran dikuriling ku walungan. Samalah kabéh dulur ogé lemburna téh teu jauh ti walungan, nya kaasup lembur indung budak. (Heuheu... lalakon panggih jeung jodo ogé apan keur nguseup pisan. Harita nguseup di walungan peuntaseun imah manéhna. Paadu teuteup, pas manéhna meuntas rék ka imahna. Antukna ngeuseup téh sok ngahajakeun palebah dinya....)
Geus arapaleun; batur salembur, batur sakantor, dalah indit ka mana waé ogé uing mah tara jauh ti jeujeur. Kungsi ngageunjleungkeun P3GK (Pusat Pengembangan Guru Kesenian Yogyakarta). Harita uing dikirim pikeun miluan workshop guru kesenian sa-Indonesia di Kaliurang. Pas keur salsé, uing ngajak babaturan ulin ka walungan, tangtuna ogé geus siap useup bawa ti Bandung.
Kaparengan, manggih walungan anu loba laukna (lauk beunteur). Halaaah, asa mobok manggih gorowong. Uing démontrasi nguseup beunteur. Kabéh babaturan olohok, teu kungsi dua jam ratusan beunteur geus asup kana kérésék. Dibawa ka asrama. Dipasakna ogé ku urang Padang. Balakécrakan. Uingah da teu pati resep. Resep sotéh nguseupna wungkul.
Saban poé minggu teu kaliwat nguseup, babaturan narurutan ngadangkal nyarieun jeujeur. Ngabring ka walungan. Tapi da teu barisaeun ieuh, beubeunanganana téh hiji banding sapuluh. Orokaya, pas keur sibuk latihan persiapan pagelaran, uing ngereles. Mangkaning uing minangka kokojona nu nyieun konsép pagelaranana. Atuh, babaturan paciweuh néangan uing ka walungan. Cénah, pupuhu P3GK rada bendu. "Jeun teuing!", cekéng. Nu penting pas pagelaran suksés. Nya alhamdulilah, suksés ogé. Tah, ti dinya meunang landian 'Si Raja Mancing' téh. Nepi ka kiwari mun pareng ka Yogya téh sok pada ngageuhgeuykeun. Hikmahna tina kajadian éta, jadi raket mikawanoh, kaasup pupuhu P3GK katut anak buahna. (Mangga dibaca ogé: Pangalaman Ahéng Nguseup di Kaliurang)
Da puguh pangaresep, taya kasieun, walungan nu kumaha ogé pasti disorang. Angot lamun mangih walungan nu jarang kasaba mah. Deuh, resep pisan. Pasti laukna weuteuh kénéh. Teu nolih kana béja, yén di antarana aya leuwi anu sanget (sangar/angker).
Suka duka geus kasorang. Pernah dipegat oray, meunang sajam mah teu daék ingkah. Pernah ogé nyorang leuwi anu gurawés. Lampingna nangtawing. Ampir teu bisa hanjat. Sajongjongan bingung hayang ceurik. Rék meuntas, puguh caina ngaguludag, kuriak palid. Ari hanjat leueur, cadas pinuh ku lukut. Untung aya akar. Nya muntang gugurawilan bari haté mah sebér. Alhamdulillah, salamet.
Aya deui kajadian nu ahéng kaalaman ku Ki Sobat. Uing mah harita téh geus naék ka darat, ari manéhna masih di leuwi. Uing melang. Nempo gunung mani poék tapi di walungan mah caang. Ti béh girang aya sora cai ngaguruh. Ki Sobat hariweusweus nyampeurkeun. Beungeutna sepa. Cénah waktu keur cinekul di leuwi dumadakan aya nu malédogan, disangkana uing. Na pas hanjat ka darat... ari segor téh cai mani ngaguludag. Caah déngdéng téa! Tayohna, nu malédog téh meureun nu ngabéjaan. Wallohu alam, teuing saha.
Béda jeung batur, uing mah resep nguseup téh di walungan. Di balong mah teu kataji. Pas liburan semester gereget hayang geura ka lembur. Da balad geus neleponan waé. Cénah, keur usum burayak, nyaéta anak lauk ukuran sajempol nepi ka dua ramoan, anu keur meujeuhna ngeunah digoreng garing.
Datang ka lembur, langsung ngajugjug Curug Agung walungan Ciasem. Hiji leuwi peperenian anu perenahna di Sagalaherang. Walungan gedé nu caina masih kénéh beresih hérang. Pas nepi ka leuwi, kasampak geus aya batur keur carinekul; aya nu dina curugan, aya nu dina birit leuwi. Uingah muru babantar, da biasana lauk téh sok resepeun ngumpul dina cai nu teu pati jero, angot burayak mah.
Rupaning eupan geus disiapkeun. Ngan, nu gampang disangut ku lauk leutik mah nyaéta 'eupan géléng' téa. Eupan meunang ngaracik; roti, suuk meunang nyangray, kéju jeung témpé. Nya nepi ka lohor ogé hasilna mucekil. Deuh, éndah, mandi di leuwi, solat dina luhur batu. Séahna sora cai, dipapaés ku sora récétna rupaning manuk. Subhanalloh....
(Yasana: Yuharno Uyuh, pangropéa: @yoezka)
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment