Blog “Pustaka Sunda” diwangun kalayan niat hoyong janten alternatif wahana kanggé ngempelkeun rupaning seratan dina Basa Sunda. Bahan-bahanna, utamina dipulung tina lapak grup nu namina sarupa, di média sosial facebook. Grup kasebat, anu diadegkeun ogé dirumat ku Ki Hasan, ngagaduhan itikad (diserat saujratna): “Pustaka Sunda (PS) téh minangka wahana modél dapur atawa ‘workshop’ pikeun réréongan ngagarap dokumentasi jeung digitalisasi khazanah alam, seni-budaya, basa jeung sastra Sunda. Sawangan mah jiga nu digarap ku Proyék Gutenberg, pikeun digitalisasi naskah heubeul nu 'copyright'-na tos jadi milik publik. Lian ti éta ogé pikeun ngadokumentasikeun kabeungharan alam, boh sasatoan kitu deui tutuwuhan nu aya di Tatar Sunda.”
Tambihanana, di blog ieu aya seratan-seratan nu dipulung tina koméntar-koméntar dina postingan-postingan di grup kasebat éta, nu kalan-kalan mantes dijantenkeun seratan mandiri. Kantenan, koméntar-koméntar téh diropéa deui, teu sadaya tiasa diabenkeun saujratna, sangkan ringkes tur ngagampilkeun nu maca. Ku kituna, seratan-seratan di blog “Pustaka Sunda” ieu teu sagemblengna baris persis eusina sareng postingan di grup PS, iwal ti upami disebat kitu. Sok sanaos kitu, nami nu nyerat postingan ‘aslina’, di grup PS, tinangtos baris disebatkeun, kitu deui narasumber seratan anu kawitna mangrupi koméntar téa.
Ngahaturkeun séwu panuhun kanggé pangdeudeul, utamina widi ti Ki Hasan, admin grup PS, nu janten pangjurung dina ilubiung ngamumulé Basa Sunda, ngalangkungan blog basajan ieu. Muga aya sasieureun sabeunyeureun mangpaatna. Sugri baraya nu kagungan niat nu sami, dina raraga micinta Ki Sunda, mangga dihaturanan linggih di grup Pustaka Sunda.
No comments:
Post a Comment